Kamis, 11 Juli 2013

Basa Sunda - Kecap Asal






Kecap Asal

Kecap asal nya eta kecap anu tacan dirobah, boh dirarangkĕnan atawa dirobah wangunana. (Kecap asal itu kalau dalam bahasa Indonesia artinya kata dasar. Kata dasar adalah kata yang belum dirubah atau tanpa imbuhan)
Contona, poĕ, minggu, kuring, indit.

Kecap asal teu meunang dipondokkeun lantaran bakal leungit hartina. Upamana kecap "sakola" henteu meunang disebut "sakol" atawa "kola" lantaran hartina jadi teu gembleng. (Kecap asal gak boleh disingkat)

Dina istilah tatabasa anu aya patalina jeung kecap asal aya anu disebut bakal kecap jeung jangkar kecap.

Bakal Kecap
 
Nu dimaksud bakal kecap nya ĕta morfĕm sĕjĕn.
Contona :
  • bakal kecap guling kakara ngabogaan harti lamun geus ...
- dikantĕtkeun jeung morfĕm gulang (gulang-guling),
- dirajek engang mimitina (guguling),
- ditambahan rarangkĕn pa-...-an (pagulingan),
- ditambahan rarangkĕn tukang -keun (gulingkeun), jeung sĕjĕnna.

Jangkar Kecap

Ari anu dimaksud jangkar kecap mah nya ĕta morfĕm kauger anu dilarapkeun dina dua kecap atawa leuwih disawang ngabogaan harti anu sarua.
Contona :
  • kecap jangkar ket dina kecap liket jeung puket ngabogaan harti dalit.
  • kecap jangkar tas dina kecap getas jeung reuntas ngabogaan harti gampil potong atawa rugrug.

Kecap Sawanda

Anu dimaksud kecap sawanda nya ĕta kecap asal anu wangun jeung hartina mĕh sarua.
Contona :
  • getih jeung geutah = zat cair anu fungsina pikeun sumber kahirupan,
  • soko jeung suku = alat paranti nangtung, jeung anu sĕjĕnna.

Kecap Saharti / Sinonim

Ari anu dimaksud kecap saharti mah nya ĕta kecap asal anu wangunna bĕda tapi hartina sarua. Kecap saharti biasa disebut kecap sasaruaanana atawa sinonim
Contona :
  • sangsara jeung malarat, miskin, kurang jeung sajabana.

Kecap Lalawan / Antonim


Kecap lalawan mah mangrupa usaha ngabandingkeun dua kecap atawa leuwih pikeun nĕangan kaayangan anu bĕda.
Contona :
  • beunghar lalawanana miskin,
  • beurang lalawanana peuting, jeung sĕjĕnna.

Kecap sangaran atawa Homonim

Kecap sangaran atawa homonim nya ĕta kecap anu wangunna sarua tapi hartina bĕda-bĕda. Demi wincikanana homonim tĕh aya anu dina wangun kecap, frase, jeung kalimah.
 
a. Conto homonim dina wangun kecap
      - Basa kuring gering ku ema dipangmarudkeun konĕng.
         (konĕng : tutuwuhan)
      - Sanggeus cageur ku ema dipangmalikeun baju konĕng.
         (konĕng : warna)
b. Conto homonim dina wangun frase
      - Di pasar kembang loba nu dagang binih kumis ucing.
         (kumis ucing : ngaran sarupa kembang)
      - Kumis ucing kaduruk.
         (kumis ucing : barang)
c. Conto homonim dina wangun kalimah
     - Pamajikan tukang peyeum nu labuh tĕa ngalahirkeun. 
(Kalimah tadi homonim lantaran ngabogaan maksud ganda. Geura pĕk titĕnan saha anu labuh dina ĕta kalimah, tukang peyeum atawa pamajikanana?


Sumber : PEPERENIAN - Hj. Siti Saodah, S.Pd.
Semoga Bermanfaat.

0 komentar:

Posting Komentar